Rabu, 17 Juli 2013

DONGENG SUNDA

* 1.Hayam Kongkorongok Subuh.* Kacaritakeun jaman baheula aya Oray Naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka Dewa. Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna Sakadang Titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka Sakadang Jago, harita mah Jago teh aya tandukan tuluy manehna menta di anteur ka Titinggi. Sanggeus amprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan Naga ka Jago. Maksudna mah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga. Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Ceuk naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.” Geus kitu mah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu datang keneh bae. Nepi ka brayna beurang titinggi teu datang-datang. “Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu datang keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka ngancam lamun titinggi datang arek di pacok nepikeun ka paehna. Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo. Rincian Dongeng: - Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh - Bahasana : Kasar - Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga - Watek palakuna : Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur. Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan. Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo. - Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung - Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago. *2.Gagak Jadi Hideung.* Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibeulitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu balong tea. Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagna mah. Ku oray sanca katempoeun gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak kalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagak teh. Gagak teh hiber ku orany diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neuleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng . Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestreng. Pok weh oray sanca nanya, “mahluk hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?” Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!” Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak! Rincian Dongeng: - Judulna : Gagak Jadi Hideung - Bahasana : Kasar - Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca - Watek palakuna : Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun. Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin. - Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan - Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe. *3.Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau.* Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareng Sumatra teh ngahiji. Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh dititipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua beulah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon iwal guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu geus dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atuh bendu pisan anjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu deui para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabu teh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pangtapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh. Rincian Dongeng: - Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau - Bahasana : Lemes - Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana - Watek palakuna : Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana. Raden Sundana = Sarakah Raden Topobrana = Embung ditindes - Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon. - Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana. *4.Cai Laut Asin.* Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lanceuk. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani. Ki Jana ka asup jelema beunghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh. Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan maprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung atu karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng. Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-akit teh mere jimat ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ceuk kaki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngeureunkeunana lisung kudu dibere taneuh saeutik. Gancangna carita Ki Jani geus beunghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah. Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta ka lisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teuleum. Ti harita cai laut jadi asin. Rincian Dongeng: - Judulna : Cai Laut Asin - Bahasana : Kasar - Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani. - Watek palakuna : Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah. Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah. - Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur. - Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem. *5.Kuya Ngagandong Imahna.* Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahuma teh indit isuk datang sore magrib. Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan gede bari jeung anginan. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukna manehna nyieun deui anu leuwih keker supaya teu kabawa angin. Hiji poe manehna balik ti huma, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai heula, keur di cai katingali haseup ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seuneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik. Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceurik sakadang Kuya nyieun deui imah mah!” “Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angin. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” ceuk sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilaka mah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek nyieun deui anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus urang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantona sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero. Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditangkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti harita mah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong. Rincian Dongeng: - Judulna : Kuya Ngagandong Imahna - Bahasana : Kasar - Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet - Watek palakuna : Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah. Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran - Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan - Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.